...

Nyaritakeun Naon Eusi Kakawihan Cingciripit Teh

Pelajarteladan.com – Kali ini kita akan belajar latihan soal Nyaritakeun Naon Eusi Kakawihan Cingciripit Teh. Mari kita ulas soal tersebut dengan tepat.

Nyaritakeun Naon Eusi Kakawihan Cingciripit Teh

 

Jawaban

Nyaritakeun tulang bajing, pare, jeung pa Dalang

 

Penjelesan

Lagu atawa kakawihan Cingciripit teh nyaeta nyaritakeun “tulang bajing anu kacapit ku hulu pare anu pangseukeutna”. Sabenerna eta lagu atawa kakawihan teh henteu miboga carita anu puguh, tapi ngan saukur lagu anu dipake pikeun ulin, nyaeta ulin ucing-ucingan.

Dina lalaguan Sunda, lagu Cingciripit teh kaasup kana lalaguan Sunda anu disebut kakawihan. Aya sawatara rupa lalguan Sunda, nyaeta saperti kakawihan, kawih jeung tembang.

Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

Jadi, Cingciripit teh lain kawih, tapi kakawihan. Bedana kawih jeung kakawihan nyaeta yen kakawihan mah biasa dihaleuangkeun dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun ari kawih mah dihaleuangkeunnana iraha bae.

Eusi kakawihan Cingciripit teh henteu miboga harti atawa maksud anu puguh, tapi ngan saukur kakawihan pikeun digunakeun keur kaulinan. Kakawihan lianna anu henteu miboga harti atawa maksud anu puguh nyaeta saperti kakawihan “Bang Bang Kalima Gobang”, anu sabagian rumpakana dijentrekeun di handap ieu :

Bang Bang Kalima Gobang

Bang kalima gobang… bang
Bangkong ditengah sawah… wah
Wahai tukang bajigur… gur
Guru sakola désa… sa
Saban poé ngajar… jar
Jarum paranti ngaput… put….jeung saterusna

Jadi, kakawihan Cingciripit di handap ieu oge miboga harti atawa maksud anu rek sarua jeung kakawihan Bang Bang Kalima Gobang, nyaeta ngan sakadar ngulang-ngulang kekecapan anu murwakanti anu eta kakawihan teh digunakeun pikeun ulin wungkul :

Cingciripit

Cingciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku hulu pare
Hulu pare seuseuketna

Jol pak Dalang
Mawa wayang
Jrek jrek nong

Referensi :
Wikipedia.org
Brainly.co.id

Demikian jawaban dari soal tersebut. Cari tahu jawaban pertanyaan yang lain? Kamu bisa menggunakan menu pencarian untuk menemukan kunci jawaban yang benar.

Originally posted 2023-01-06 19:13:08.

error: Content is protected !!